Lirik Srangenge - Emka9
Emka9 - Srangenge Srangenge ngitungan poe Mapay lampah geusan jaga Jaga nu jadi harepan Mapay lampah kahirupan Salapan lengkah disorang Moal peunggas pangharepan Sanajan srangenge lungse Bulan pinasti nembongan Gapura geus mawa beja Malati asih ka diri Bagea kasampurnaan Julang ngapak mapay mega2x Mapay jalan muru cai Ngadangding nyaring ti peuting Ngebrak caang narawangan Sumujud lemah amparan Gunung nungkulkeun halimun Ngiuhan panasna poe Bagea angin nu tingtrim Purwa nengetkeun kartana